Langsung ke konten utama

Artikel sunda

Assalamualaikum wr wb.


Sampurasun !! Wilujeung tepang di halam blog simAbdi,dina kesempatan ieu Abdi bade nulis artikel tentang kasenian sunda anu judulna "Tari jaipong nu melempem di kalangan ramaja kiwari"

             Tari jaipong nu melempem 


    Indonesia mangrupa nagara merdeka nu miboga mang rebu-rebu kasenian di tiap daerah. Salah sahijina kasenian tarian jaipong, tari jaipong mangrupa tari anu asalna ti daerah Jawa barat nu geus jadi ciri atau ikon na urang sunda. Tari jaipong geus kasohor ka mamana, buktosna urang luar daerah Jawa barat ge tos arapaleun yen tari jaipong teh kasenian urang sunda, tarian jaipong nu biasana aya Dina acara acara pagelaran pagelaran atawa pentas pentas seni sunda, misalnya pagelaran seni sunda napak jagad, henteu Dina pagelaran wae ayana, kiwari jaipong teh sok aya Dina acara hajatan, upacara adat, jeung sajabana.

   Dina waktu zaman baheula jaipong teh mangrupa salah sahiji tarian anu ka sohor lantaran gerakana anu eksotik jeung vulgar, tari jaipong biasana di tarikeun na aya anu ku saurang, ku duaan atawa ku lobaan, tari jaipong ditarikeuna kunu geus ahli kana bidangna, baheula mah tari jaipong teh sok di kolaborasi keun atawa di gabungkeun jeung gerakan atawa tarian sejen nyaeta tarian ketuk tilu, tari ronggeng, jeung kadang kadang sok di gabungkeun jeung gerakan silat, ku gerakan gerakan eta, tari jaipong beuki ka sohor di kalangan masyarakat, tari jaipong jadi idola anyar di kalangan barudak leutik,pamuda pamudi jeung ka kolot aki nini zaman baheula. 

   Ku sairing majuna zaman kiwari, tari jaipong geus beda jeung nu baheula, loba bedana. Baheula loba paminatna ayeunamah teu Pati loba teuing paminatna, zaman kiwari di kalangan masarakat boh budak leutik, pamuda jeung pamudi, aki jeung nini geus teu nga idolakeun jaipong sanajan aya oge nu masih nga idolakeun tari jaipong tapi teu loba kawas zaman baheula. Barudak zaman ayeuna teu apal kana kasenian sorangan, apal na teh kana tarian luar nagara, contona tarian dance jeung hip-hop jeung sajabana. 

   Sikap teu hayang apal kana seni daerah sorangan jeung marakna tarian tarian sejen mangrupakeun salah sahiji sikap lunturna rasa Cinta tanah air. Ceunah ceuk barudak ayeunamah tari jaipong teh tarian baheula anu vulgar atawa identik jeung ronggeng jadi kurang nu minatna, tapi kanyataan na tarian anu di idolakeun di kalangan pamuda pamudi zaman ayeuna lewih vulgar tibatan jaipong, tapi beuki dieu beuki loba nu minat na teu kaum hawa teu kaum adam geus loba nu poho kana seni daerah sorangan.

   Jadi kacindekan nana, urang salaku urang sunda kudu bangga yen tari jaipong teh jadi kaunikan atawa kasenian budaya sunda, tos sakuduna urang nga lestarikeun kasenian kasenian warisan budaya zaman baheula. 

    Sakitu artikel anu tiasa kapihatur, hapunten bilih aya kalepatan Dina tulisan anu kirang mereunah kusabab simAbdi masih dina tahap di ajar. 😊
Wassalamualaikum wr wb. 

Komentar